Sataun simkuring teu nulis di ieu blog..hahaha.. enya sataun, da postingan nu terahir teh ternyata ditulis taun 2008. hehehe.. Taun kamari, ayeuna mah tos taun 2009. Nembe weh kamari Kabupaten Majalengka teh ulang taun nu ka-519.
Kaleresan ngawitan sasih Juni 2009, simkirung aeh simkuring, tuh nya, kabawakeun ku kang Ohank euy, nyebat na teh simkirung wae ayeuna mah.hahahaha.. enya, pribados teh tos janten Urang Majalengka, janten urang lembur wae ah, tos bosen panginten jadi urang kota teh, komo di Jakarta, paranas di tambih deui polusi na langkung seueur. Ari di Majalengka mah panas oge ngahiliwir aya angin, janten karaos tariis.hehehe..
Tah, di handap simkuring nga-posting foto-foto alun-alun Majalengka. Tapi ngan ti sahiji sisi wungkul, ti palih payun wungkul nu di pinggir jalan raya tea. Keun lah, manawi ngke mah tiasa ti palih mana-mana.hehehe..
[Baca terasannana...]






























