Aya nu tos apal teu yen Majalengka teh bakal ngaluarkeun Album Pop Sunda Majalengka? Nah, simkuring oge apal rek aya album pop sunda teh basa keur Malam resepsi Ulang Tahun Majalengka nu ka-519. Eta oge dibejaan ku Bapa-bapa nu ngabodor di panggung..hehehe.. Cenah, rek aya album pop sunda Majalengka, nu lagu lagu na teh nyaritakeun Majalengka weh. Nyaritakeun tempat-tempat wisata jeung kasenian nu aya di kabupaten Majalengka, modelan curug, talaga, situ, bendungan rentang, jeung sajabanna.

Basa simkuring kost di jalan kehutanan, simkuring pernah ningali nu keur shooting video klip di alun alun Majalengka. Harita simkuring rek netepan zhuhur di Masjid Al Imam, enya, wayah papanasna poe. Mani karunya ningali si Teteh nu nyanyi na di poyankeun di tempat panas. Ngan harita simkuring teu mawa handphone, jadi teu sempet motret.
Alhamdulillah, basa kamari kuring jalan jalan ka Curug Muara Jaya, alias Curug Apuy katelahna teh, Simkuring dijodokeun deui pikeun pendak sareng rombongan eta. Kabeneran harita team Album Pop Sunda Majalengka bade shooting keur video klip lagu anu judulna Curug Muara Jaya. Lumayan lah, tiasa ningali proses shooting, pendak sareng team na, pendak sareng si Teteh nu nyanyina, motret oge, sareng apal kana lagu lagu naon wae nu aya dina Album Pop Sunda Majalengka.hehehe.. Yeuh geura judul judul na.
1. Situ Cipadung
2. Situ Sanghyang
3. Bendungan Rentang (tatangga ti lembur simkuring mah, Desa Salawana.hehe. tempat ngabuburit basa keur budak.
)
4. Sampyong (nami kasenian)
5. Majalengka Mapag Bagja
6. Talaga Herang
7. Curug Muara Jaya
8. Kecap Majalengka
9. Majalengka nu Urang
10. Alun alun Majalengka
Nah, sakitu, aya 10 tembang nu bakal di luncurkeun dina Album Pop Sunda Majalengka. Saur salah sahiji team mah, jigana album ieu paling tiasa diluncurkeun saentosna Lebaran Idul Fitri. Harita teh saurna masih aya 4 tempat deui nu te acan di dongkapan pikeun shooting video klip.



nah, antosan wae Album na, nya..hehe.. insyaAllah, tulisan nu bade dongkap bakal diposting foto Teh Rekha Dewi Asgarini, artis nu nyanyi dina Album pop Sunda Majalengka tea..hehehe..



ahaha,
sok kang di aplod mp3na na 4shared
bade ngunduh lah.. :p
beneran yeuh.. tumben urang kota resep ka lagu kampringan..hahahaha..
Salut Lagi… kang iwan lbih Up to date… dari pd Metro ey… URANG SUNDA KUDU DUKUNG….
hehehe.. bisa wae ah Kang Eka..
Urang sukasari kaler gening, abdi di Sukasari kidul Kang..hehehe…
euleuh2 tatanggi geuning?
kumaha yeuh? tos upload can? bangga lah!!
urang sundamah kedah tiasa ngajagi ka budayaan urang sunda.
Tos waktosna URANG SUNDA TEH TAMPIL ulah isin ngaku URANG SUNDA…..!! sim kuring oge bangga janten URANG SUNDA teh malahan mah tos lami abdi teh nuju di lembur batur Ngumbara….. hatur nuhun kanggo Kang Iwan, salam ti sim kuring Urang Cileunyi.
Hatur nuhun ka kang iwan, bangga janteun urang majalengka.
Hatur nuhun pisan kang ti urang garut
pami aya waktos di antos kunjungan di blog simkuring