Sataun simkuring teu nulis di ieu blog..hahaha.. enya sataun, da postingan nu terahir teh ternyata ditulis taun 2008. hehehe.. Taun kamari, ayeuna mah tos taun 2009. Nembe weh kamari Kabupaten Majalengka teh ulang taun nu ka-519.
Kaleresan ngawitan sasih Juni 2009, simkirung aeh simkuring, tuh nya, kabawakeun ku kang Ohank euy, nyebat na teh simkirung wae ayeuna mah.hahahaha.. enya, pribados teh tos janten Urang Majalengka, janten urang lembur wae ah, tos bosen panginten jadi urang kota teh, komo di Jakarta, paranas di tambih deui polusi na langkung seueur. Ari di Majalengka mah panas oge ngahiliwir aya angin, janten karaos tariis.hehehe..
Tah, di handap simkuring nga-posting foto-foto alun-alun Majalengka. Tapi ngan ti sahiji sisi wungkul, ti palih payun wungkul nu di pinggir jalan raya tea. Keun lah, manawi ngke mah tiasa ti palih mana-mana.hehehe..
Manawi nu nuju aya di luar nagari, nu nuju nyiar rejeki ka luar nagari, ngaraos sono ka Majalengka, tah ieu aya foto na. Tong hilap ngke pami tos uwih ka lembur, mentraktir Sayah jajan baso di Majalengka nyah..hehehe.
Walah, geuning foto simkuring nu pangluhurna..hehehe.. Punten ah, salam pangwanoh wae ti Simkuring.
Tah, ieu Gedung Juang, nu aya di sagigireun Gedung DPRD Majalengka.



Masjid Agung Al Imam, tuh, wayah pasosore mah seuer nu olah raga.
Geuning aya panggung?? hehe.. Eta teh bade aya acara musik, dalam rangka HUT Majalengka ka-519. Aya Utopia Band.

Tuh, Majalengka Remaja, REligius Maju seJAhtera. Amiin. Mugia Bupati ayeuna Bapak Sutrisno, tiasa ngamajukeun Majalengka. Amin.
Mangga ah, sakitu heula tulisan ayeuna mah. Insya Allah ngke di sambung deui ku carita nu sanes sareng foto foto nu sanes na, nu kalangkungan ku simkuring pokona mah..hehehehe..





Majalengka bersih ya kang…
beda sama bandung.
eh kang, gardu lantu ayeuna dateng kan?
asss. salam kenal kang, izin pinjem foto gerbang majalengka kang.
jangan ada lelah untuk majalengka,
hidup majalengka!!!