Postingan ayeuna bade nuliskeun salah sahiji lirik lagu pop sunda nu aya di Album Pop Sunda Majalengka. Nyaeta lagu Bendungan Rentang nu di nyanyikeun ku Kang JK (Jojo Karjo).

Bendungan Rentang aya di kecamatan Jatitujuh, di Dusun Rentang. Nya keur photo-photo na mah ngke wae dina tulisan anu sanes bade dipedar..
Ayeuna mah urang tingali wae heula lirik lagu na.. kemon Kang…!!!
Bendungan rentang
Lamun urang hayang ningal pamandangan
Nu bisa nyenangkan kana pikiran
Aya hiji tempat nu endah kacida
Ulah hilap Bendungan Rentang ngarannaKomo lamun pareng dina Poe Minggu
Muda mudi sadaya pasti karumpul
Papasangan dina tempat anu endah
Matak betah, sungkan mun kedah papisahTuh angin jiga nu keur ngahariring
Geterna cai mepende gulinda hate
Ting garupay daun nu katebak angin
Bendungan Rentang ngajadi ciri nu pastiMun sore dina wanci tunggang gunung
Langit beureum nambahan ka endah rasa
Tuh bendungan ngajegir lir jadi saksi
Harita kuring nalikeun tali kaasih
Tah, sakitu lirik lagu na. Nu hoyong nga-download MP3 lagu Bendungan Rentang, tiasa mangga, aya di halaman ieu, klik diddue.



Can aya pairan.