Ahirna, sanajan rada telat, postingan Lirik lagu sunda Majalengka Mapag Bagja tiasa di pedalkeun ayeuna.hehehe.. Simkuring ngahaturkeun nuhun ke Teh Rere (Rekha Dewi A.) anu tos ngintunkeun lirik lagu ieu.

Mangga ah, langsung wae, nu hoyong ngahaleuang tiasa sambil di aos lirik na di handap. Tapi, hapunten wae, mp3 atanapi video na tacan aya versi nu karaoke. Ngke gampil pami tos aya mah di bagi-bagi didieu. Jreeeenggggg ahhhhh…
Lirik Lagu “Majalengka Mapag Bagja”
Dipopulerkeun ku : Teh Rekha Dewi Asgarini
Ciptaan : Kang Teddy koes
Duh..lembur nu nineung
padumukan di lingkung ku gunung
sawah lega jeung palawija
nagri endah lilimpahan bagja
kota angin sumebar kasohor
rambut kasih nya nu ngababaknaDuh..nyi rambut kasih
sindangkasih babad tanah nagri
mapay taun ngudag kabagja’an
pangwangunan di sagala widang
keur rahayat sakabehanana
majalengka mapag kabagja’anReff:
Majalengka bersih lingkungana
jeung gemilang dina prestasina
mantap dina tatanan nana
napak dina agamanaMajalengka sopan tabe’at na
jeung saluyu kahirupanana
agrobisnis andelan nana
di rarojong ku rahayatna..
Nu hoyong pendak sareng panyanyi lagu ieu, mangga tiasa dipendakan online di fesbuk..hehehe.. Nu gaduh facebook tiasa langsung nga-add Teh Rere, klik di dieu keur nga-add.



Ari kawit mah simkuring oge ti bandung, nanging perkawis bahasa sunda mah (jalaran gaulna sareng preman2 pasar :p hehehe…) janten we kirang patos nyunda, sok komo deui pami nguping lagu sunda sok rada teu mudeng
Hapunten kanu ka suhun, sok bilih kirang mernah babasaannana
Lapor kang link akang ge tos dipasang di frind’s link abdi
Hatur nuhun lirikna. ngiringan nyebarkeun di facebook abdi.
Assalamu’alaikum, wilujeng siang Kang Iwan, nuju sibuk nya?? Margi Kang Iwan jarang ameng ka blog abdi
bagi2 mp3na kang
Subhanallah.. Nyodong blog nu nyarios sunda (aduh, punten basa sunda abdi not well kieu nyak..)
Salam kenal nya kang…
Aih… Akang Iwan teh kumaha? Mun teu aya versi karaokena, versi mp3 nu aya oge teu kunanaon dipasihan tautna dina blog Akang.
Simkuring hoyong ngupingken hariring nu gelis teh Rere, upami bade meser mp3 atanapi kasetna lagu Majalengka mapag bagya dimana?
Mangga, tiasa di download, tos aya dihalaman ieu pami bade download MP3 na http://kang.iwansusanto.com/unduh-mp3-majalengka-mapag-bagja-album-pop-sunda-majalengka.html
Kanggo anu lengkapna MP3 na saalbumeun, insyaAlloh minggu payun bade di pedal..