Lirik Lagu Sunda Cang Cing Cong, Album Enggal ti Kang Darso

Ditulis ku Kang Iwan
Dina poe Ahad, 9 Nopémber 2008

Aya nu tos pernah ngadangu? Wah jigana nu tacan kungsi mireng mah jalmi na teu resep kana lagu Sunda nya? Heheehe.. Teu nanaon lah, biasa da, pamuda-pamudi jaman kiwari mah jarang pisan anu resep kana kasenian kasundaan. Mung sakedik paling oge. Mun simkuring mah, kana basa Sunda anu emang rada sesah, Sunda na sunda kasar saurna teh. Tapi simkuring resep mun ngagunakeun Basa Sunda keur ngobrol sapopoe mun sareng Urang Sunda deui, sanajan nuju di luar kota atawa di luar daerah Sunda.

Nah, uwih deui kana judul di luhur, ternyata Aki Darso teh tos ngaluarkeun deui Album anu enggal, jigana mah sasih Mei diluncurkeuna teh, duka iraha. Nu pasti taun 2008 ayeuna da. Saparantosna Kabogoh jauh tea, sihoreng teh aya deui Album enggal deui, duka naon tah namina, teras ayena teh aya deui Judul na teh Cang Cing Cong. Hehehe.. jiga basa Cina nya? Emang laguna lagu Cina, hehehe.. Henteu ketang, laguna nyaritakeun jalma-jalma anu namina nami China, tapi lucu..hehehe.. Mangga geura, ieu lirik lagu Kang Darso anu judulna Cang Cing Cong tea. Kahade ieu sanes lirik lagu china nya, pami lirik na basa cina mah Simkuring oge moal ngarti.hehehe..

Lirik Lagu Cang Cing Cong

Si Nyangsang tukang seng
Tatangga Si Liang Hong
Boga kabogoh si momoy micipok
Si Cengli kabitaeun hayang ka cipok
Ku cipok di bejakeun ka Si nyangsang
-
Cang cing cong – cang cing cong
Si nyangsang jadi nepsong
Neneangan si Cengli kacangkilung
Cangkilung bebeja ka si cuankie
Babaturan sobat dalit si cengli
-
Si cengli sieuneun laporan ka si tai jin
Si tai jin nangtang geulut ka Si nyangsang
Si nyangsang lewih nepsong neangan taijin
Tai jin nyangsang garelut di walungan
-
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
-
Lagu dongeng asal ti negri hongkong
Bawa babaturan nu gede bohong

Tah kitu lirik na teh. Kumaha? Panasaran nya lagu na jiga kumaha.hehehe.. mangga, pami bade meser tos aya da di toko-toko kaset, boh kaset tip atanapi kaset VCD nu original na tos aya. Kantun peser wae. Luar biasa nya Si Aki Dasro aeh Aki Darso..hehehe.. sanajan tos sepuh oge masih wae tetep eksis di dunia kasenian Sunda. Nah, pami anu hoyong ngadangu heula jiga kumaha laguna Aki Darso anu judulna Cang Coing Cong teh, mangga, salira tiasa ngadownload mp3 lagu Cang Cing Cong ti Darso ieu. Tapi Simkuring mah masihan teh keur conto wungkul, jadi tong protes nya bilih aya kakirangan, pami hoyong puas mah meser nyalira kasetna.hehehe.. Mangga, Klik di dieu keur download lagu Cang Cing Cong. Hatur nuhun. (hapunten, samentawis file na tacan aya. Antosan wae nya.hehehe)


FBTW DGRDSUDLBLTCGOMSMX


RSS feed | Trackback URI

8 Pairan »

Eusi Pairan ku lala
2008-11-18 12:12:20

meni eksis nyaan si ki darso teh nyak…

 
Eusi Pairan ku Evi/ vhie
2008-11-20 09:35:58

jujur. menurut sy lagu-lagu dr Aki Darso lebih enak dan asyik didengar mah lagu-lagu nu heubeulan eunk………….
kayk lagu-lagu DADALI MANTING, DILEMBURAN DLL.

 
Eusi Pairan ku jajaka soleh
2008-12-25 00:44:59

hayang jiga batur ……eh kumaha kang iwan aya lagu ….baheula teu sunda tapi cing lah pesen hiji eh jug po torolong weh teu assalamualaikum heula nya kang punten atuh kitu ti pribados mah hehehe

 
Eusi Pairan ku Hendra Ahya
2009-03-23 10:08:47
 
Eusi Pairan ku orang purwakarta
2009-05-24 14:44:11

akang ari lagu nu judulna hamparan sajadah teh eta lagu na saha?? nyuhunkeun atuh lagu eta, abdi teh ayeuna aya di surabaya kangen ngadangukeun lagu2 sunda
kirim ke email abdi nya…..

 
Eusi Pairan ku sendy
2009-06-15 10:20:13

punten kang ,,,
manawi gaduh lagu uyan – hayang apel…
abdi bade nyungkeun link download na…!!!
upami gaduh mah kirim weh link download na ka email abdi sendy_kasep@yahoo.com
nuhun.

 
Eusi Pairan ku A7X
2009-06-18 19:35:39

lagu nya bagus,tolong kasih lirik lagu anak jalanan dong,soal nya lagi ada tugas suruh nyari lirik lagu anak jalanan. . .

 
Eusi Pairan ku manuk
2009-09-16 00:26:49

mantap tah lagu…
nu nyiptakeun teh eta lagu kacida jenius…
jd hoyong gabung dina kawih2 sunda nu riang,jeung pinuh pisan pesan,….truzlah berkarya sahabat….
kita masih akan selalu menikmati mu…

 
Ngaran (wajib)
Surat-é (required - never shown publicly)
URI
Pairan Anjeun (smaller size | larger size)
You may use <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> in your comment.

Trackback responses to this post

Nu sanes dongkap ka tulisan ieu pikeun milari: lirik lagu sunda, lirik darso, album darso, lirik lagu daerah sunda, lirik lagu darso, lirik darso cang cing cong, cang cing cong lirik, mp3 darso terbaru, tokoh idola sunda, lagu sunda darso, lirik lagu darso cang cing cong, download lagu darso, darso cang cing cong, download lagu sunda, darso lirik, lagu sunda terbaru, lirik cang cing cong, LIRIK LAGU SUNDA DARSO, lirik lagu cang cing cong, lyric lagu sunda, lagu sunda, Lagu2 sunda, dongeng sunda baheula, cang cing cong, lirik lagu bahasa sunda, lirik lagu lagu sunda, album darso terbaru, lirik lagu sunda 2009, lirik cang cing cong darso, lagu-lagu darso, lyrics lagu sunda, download lagu sunda terbaru, syair lagu sunda, download lagu sunda darso, lagu darso terbaru, lagu lagu sunda terbaru, download LAGU DARSO terbaru, darso album, lagu sunda terbaru 2009, Teks Lagu Sunda, lagu lagu darso, teks lagu bahasa sunda, vcd lagu sunda, mp3 terbaru darso, download mp3 darso terbaru, lirik lagu cang cing cong darso, pop sunda darso

Facebook Kang Iwan