Majalengka Open, Turnamen Bola Voli Kabupaten Majalengka

Ditulis ku Kang Iwan
Dina poe Senén, 16 Nopémber 2009

Wah, anu resep kana olah raga volly siap siap maen yeuh, mun teu tiasa maen nya siap-siap wae nonton pertandingannana.heuheuy…

Turnamen Bola Voli , Aula Tunas Harapan GOR Kecamatan Maja

Nah, di Kabupaten Majalengka rek diayakeun pertandingan atanapi turnamen Bola Volly. Iraha cenah waktunya, waktuna teh ping 20 November dugi ka 13 Desember 2009. Tapi hnteu unggal dinten pertandingannana, waktuna ukur dinten Jumat, Sabtu, jeung minggu.

Nah, mun dinten Jumat sareng Sabtu mah acarana dimulai tabuh 13.00 dugi 18.00. pami Minggu ngawitan tabuh 10.00 enjing dugi tabuh 18.00 sonten. nah, nu resep nonton volly kahade tong katinggaleun nonton pertandingannana.

Majalengka Open, Turnamen Bola Voli Kabupaten Majalengka

Oh enya, dimana cenah nonton na? Nah, pami simkuring ningali dina iklan nu di sisi jalan, di payunen SMK nu di Maja tea, acara pertandinganna dilaksanakeun di Aula Tunas Harapan, GOR Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka.

Sok ah, nu bade ngiring bertanding geura siap siap latihan heula.


FBTW DGRDSUDLBLTCGOMSMX


RSS feed | Trackback URI

Pairan »

Can aya pairan.

Ngaran (wajib)
Surat-é (required - never shown publicly)
URI
Pairan Anjeun (smaller size | larger size)
You may use <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> in your comment.

Trackback responses to this post

Nu sanes dongkap ka tulisan ieu pikeun milari:
Facebook Kang Iwan