Waduh, lami teu update. Komo deui album Pop Sunda Majalengka ieu anu tos disiapkeun ti kapungkur karek tiasa dipedalkeun ayeuna.. hapunten ka Kang Eka Virtual, MP3 na nembe di posting ayeuna. Kamari khan atos 2 lagu anu tos di bagi-bagi link download na, ayeuna sadayana, kirang langkung 10 lagu anu aya di Album Pop Sunda Majalengka.

Kuer sadayana anu hoyong terang saha-saha wae ngiring berpartisipasi dina pembuatan album ieu, mangga tiasa di tingali di dieu (sok, diklik seratan “di dieu” na..hehehe).
Pokonamah panyanyi istri namina na Teh Rekha Dewi Asgarini tea, urang Bantarujeg. Sareng oge Mang Jojo Karjo, alias Mang JK anu ti Leuwi Kidang tea kitu?? hapunten ah kirang apal yeuh..hehehe..
InsyaAlloh, ieu mah tos kenging ijin ti pihak produksi na.. jadi, mangga tiasa di download sesuka hati dan dibagi-bagikan..hehehe.. Leres kitu Kang Eka??hehehe.. Duka yeuh Video na atos wioseun teu di bagi-bagi keun..hehehe..
Mangga ah, langsung cekidot ajah, langsung sedot ajah yang mau dengerin suara Teh Rere ama Kang JK nu halimpu..hahaha.. masa halimpu.. ieu mah bahasa rerencangan simkirung anu ti Kuningan, pedah ngadangu simkirung ngalagu Sunda teh saurna mani halimpu suara na..hahaha..
Kantun di klik wae masing-masing judul na, nya.. (Nu nganggo HP jigana moal tiasa (kecuali hape pinter alias smartphone dan punya unlimited paket data), kedah ka warnet wae via komputer)
4. Sampyong
Mangga ah, sakitu wae heula bewara simkuring.. Hatur nuhun anu atos nga-download MP3 pop sunda Majalengka.. Hatur nuhun ka Kang Eka ti Virtual Production, Maja… Yang pengen kenalan ama Teh Rere tiasa di add fesbuk na, link aya di postingan anu kapungkur klik di dieu. .. Bilih aya bapa-bapa ibu-ibu bade hajatan sareng priyogi artisna, insyaAlloh tiasa teh Rere oge, tukang Video na oge aya Virtual ti Argapura, sareng FF ti Sinar Jati – Dawuan..



masya Allah…..ngadangu ieu tembang meni genah tumaninah kanu cepilna,..hatur nuhun pisan ku sim kuring tos didonlod ah..salam ti sim kuring ti Garut kanggo baraya nu aya di majalengka,terutami nu ngagaduhan ieu Blog..wassalam..
wah… Majalengka banget…. kengen pengen main ke sana… terakhir 2 tahun lalu waktu ngebesan…
kang iwan… langsung sedot lagunya….
hatur nuhun, ngiring nyedot lagu2na kang. Salam ti abdi urang kuningan
videona upload wae kitu kang?
salam kenal ti Abdi urang majalengka – bantarujeg
aduh akang haturnuhun kana posting ALBUM POP SUNDA MAJALENGKA, abdi ngaraos bagja urang majalengka tiasa nagdukung kanggo kamajuan MAJALENGKA kahareupna…
Abdi bde nhunkeun izin kanggo nyebarkeun ieu LAGU POP SUNDA di blog abdi wwww.didinkulatur.co.cc
salam kenalnya kasi akang.. ti tatangga lembur di kuningan.. hhheeee… mani sae iyeu blog teh… tur.. eta STT anu kacandak mani seueur pisan kang.. huhuhu.. mani rame pisa.. ijin nyedot nya kang… salam kenal ti simkuring.. anu diajar ngeblog.. hehheeeee
Muhun mangga
Hatur nuhun pisan..
Ass pangasuh ieu halaman…
Salam kenal ka Neng Rekha Dewi …
Wass
Yno
nuhun pisan kang tembangna,
terus maju kang…..
ka budayawan majalengka terus nyiptakeun karyana diantos karya nu enggal
ngiring nyedot laguna ah….kumaha di majalengka masih seueur buah mangga gincu na??,asa waraas ngadangu lagu kecap majalengka,kecap maja anu kasohor ti kapungkur
Alhamdulillah…laksana geuning Majalengka ngabogaan Album Pop Sunda nu bakal najeurkeun kota Majalengka…sok lah dirojong ku du’a….!!!