Ditulis dina poe Kemis, 17 Séptémber 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Kasundaan
Wilujeng wayah kieu sadayana nu mampir ka blog simkuring. Wilujeng saum nyah, kaleresan ayeuna teh nuju sasih saum pan, sasih Ramadhan tea, sakedap deui bade Lebaran, atanapi Boboran saur urang dieu mah.hehehe..
Nah, nu bade kirim-kirim alias kintun-kintun SMS lebaran nganggo Basa Sunda, mangga tiasa nganggo kecap, kalimah ku nyalira. Nu simpel wae, nu sederhana pami teu tiasa mah. Nu penting tujuan urang ihlas, hoyong saling memaafkan, saling ngahampura..hehehe..
Tapi, nu teu aya ide pikeun nulis SMS Idul Fitri nganggo basa Sunda, mangga di handap bieu aya conto nu ku Anjeun tiasa di salin, atanapi di copy ceuk bahasa Linggis mah, aeh Bahasa Inggris maksadna mah. [baca terusanna, klik di dieu...]
Ditulis dina poe Rebo, 26 Agustus 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Kasundaan, Video
Kamari simkuring nulis lirik tembang sunda Hayang Kawin, nu dinyanyikeun ku Kang Kunkun. Nah, jadi sanes Aki Darso nu nganyanyikeunna teh, tapi Kang Kunkun.hehehe..
Mangga, nu bade ningali, nu hoyong terang video na jiga kumaha, tah di handap aya contona. Keur conto wungkul ieu mah.hehehe.. video na oge teu sampe beres, ngan satengah wungkul da.
Ditulis dina poe Saptu, 22 Agustus 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Majalengka, Video
Sanajan HUT Majalengka nu ka-519 tos lami kalangkung, tapi teu nanaon lah mun simkuring nulis atawa posting video konser UTOPIA anu di Alun alun Majalengka. hehehe… Kabeneran harita mah simkuring masih kost di jalan kehutanan, jadi nonton konser ka alun alun Majalengka teh kantun ngalengkah wae.
Ieu mah iseng iseng wae nulis tulisan ieu mah, da teu pira video na oge menang ngarekam tinu handphone, sanes tinu handycam.hehehe.. Tapi teu nanaon lah, keur kenang kenang jeung bukti wae yen simkuring oge nonton konser na.hahaha..
Sateuacanna UTOPIA kaluar, biasana aya penampilan awal heula ti group band pembuka, kabeneran nu kapilih tampil tina hasil audisi teh nyaeta band ti Talaga, duka tah ngaran band na naon, asa teu jelas kuring mirengkeunna da.hahaha.. Ieu geura salah sahiji lagu nu dinyanyikeun ku band pembuka anu ti Talaga. Aya oge band Rename -mun teu lepat mah- anu jadi bentang tamu, han simkirung teu sempet ngarekam videona. [baca terusanna, klik di dieu...]
Ditulis dina poe Rebo, 19 Agustus 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Profile
Nah, tos apal teu saha Rekha Dewi Asgarini teh? Nu can apal nya wajar wae da Album Pop Sunda Majalengka na oge te acan kaluar.hehehe..
Nah, Teh Rekha Dewi teh salah sahiji artis, penyanyi nu ngalantunkeun tembang tembang nu aya dina Album Pop Sunda Majalengka tea. Tapi, ayeuna mah teu acan kaluar album na, jigana masih shooting pengambilan video keur video klip lagu. Da basa kamari kaping 20an Juli, saurna masih aya 4 tempat deui keur shooting video klip tea. Jigana mah album na kaluar atanapi di luncurkeun, alias di launching, kirang langkung saparantosna boboran shiyam, atanapi Riyaya Idul Fitri tahun 2009.
Nah, dihandap aya photo gambar Teh Rekha Dewi tea. Kaleresan Anjeuna nuju shooting di Curug Muara Jaya, alias Curug Apuy. Kaleresan oge poe harita simkuring nuju jalan jalan ka curug, janten aya kasempetan pikeun motret Teh Rekha Dewi. [baca terusanna, klik di dieu...]
Ditulis dina poe Ahad, 9 Agustus 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Kasundaan, Majalengka
Aya nu tos apal teu yen Majalengka teh bakal ngaluarkeun Album Pop Sunda Majalengka? Nah, simkuring oge apal rek aya album pop sunda teh basa keur Malam resepsi Ulang Tahun Majalengka nu ka-519. Eta oge dibejaan ku Bapa-bapa nu ngabodor di panggung..hehehe.. Cenah, rek aya album pop sunda Majalengka, nu lagu lagu na teh nyaritakeun Majalengka weh. Nyaritakeun tempat-tempat wisata jeung kasenian nu aya di kabupaten Majalengka, modelan curug, talaga, situ, bendungan rentang, jeung sajabanna.
Basa simkuring kost di jalan kehutanan, simkuring pernah ningali nu keur shooting video klip di alun alun Majalengka. Harita simkuring rek netepan zhuhur di Masjid Al Imam, enya, wayah papanasna poe. Mani karunya ningali si Teteh nu nyanyi na di poyankeun di tempat panas. Ngan harita simkuring teu mawa handphone, jadi teu sempet motret.
Alhamdulillah, basa kamari kuring jalan jalan ka Curug Muara Jaya, alias Curug Apuy katelahna teh, Simkuring dijodokeun deui pikeun pendak sareng rombongan eta. Kabeneran harita team Album Pop Sunda Majalengka bade shooting keur video klip lagu anu judulna Curug Muara Jaya. [baca terusanna, klik di dieu...]
Ditulis dina poe Rebo, 5 Agustus 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Majalengka
Ah, ieu mah rek posting foto wungkul. Kabeneran simkuring ngaliwat ka payuneun GGM wayah jam satengah 4 sore, sihoreng teh acara rek dimulai. Nya nggeus simkuring teh eureun heula, foto kaditu kadieu..hehehe.. keur resep fofotoan eung, keur di ajar motret. Aranna oge di ajar, samentara mah nganggo kamera na handphone weh. Da kahoyong meser kamera SLR (atanapi naon namina) teu acan aya modal na, manawi tos pinter motret mah ngke oge tiasa kapeser, nya!! InsyaAlloh.. Amiin..
Acara ieu teh acara nu disponsoran ku LA Light. Kaleresan Majalengka janten kota nu ka-4 (mun teu lepat mah) tina 8 kota di Jawa Barat nu didongkapan ku LA keur milari group band indie dina taun ieu. Punten ah bilih lepat, da ngan ngadenge saliwat wungkul. Nah, acara na dimulai sekitar jam 4 sonten dugi ka tabuh 11 wengi.. (halah, aya “jam”, aya “tabuh”. kumaha ieu teh bahasa.hehehe..) kitu pokoknamah lah, da cenah aya 11 band nu rek tampil. 9 finalis, nu 3 na bentang tamu. aeh, 12 meureun nya?hehehe.. enya, aya 12 band ketang.hehehe..
Ditulis dina poe Salasa, 4 Agustus 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Lirik lagu Sunda
Halah, wilujeng tepang deui dina raraga tulisan nu kategorina “Lirik Lagu Sunda“..hehehe.. Soalna simkirung nuju resep kana hiji lagu nu saur simkirung mah nembe apal. Tapi saur mimi simkirung (ibu), lagu eta mah tos lami aya cenah. Berarti kuring nu katinggaleun info yeuh..hehehe..
Caritana teh pribados nuju ngajajap calon panganten pameuget nu bade ijab kabul akad nikah. Ari tos beres acarana teh der wae aya sora musik. Sihoreng laguna can apal simkuring mah, tapi rada genaheun eta teh kendang na mah, jiga lagu kabogoh jauh we, mun di ajak goyang rada resep.hehehe.. saparantos na ditaliti, sihoreng judul laguna teh “Hayang Kawin” nu nyanyina Kang Kunkun, punten yeuh, duka Kun kun (dipisah) atanapi Kunkun (dihijikeun). Pokoknamah eta weh nu nyanyi lagu sunda “hayang kawin“.. Sok saha nu hayang kawin?? hehehe
Ditulis dina poe Ahad, 2 Agustus 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Kasundaan
Simkirung ngaraos bingah tur reueus ningali wordpress teh tos aya nu Basa Sunda na. Berarti urang sunda oge tiasa bersaing di dunia per-blog-an..hahahaha.. (*nyambung henteu nya?). Simkuring teh teu kahaja buka Wordpress ID (versi Indonesia di http://id.wordpress.org ), ari prak teh di palih luhur aya tulisan nu ngabejakeun yen Wordpress dina Basa Sunda, langsung weh simkuring teh klik link eta. Langsung ngunjal (download) file WP 2.8.2 Basa Sunda..hehehe.. Alamat situs na http://su.wordpress.org.
Beres di unggah (upload) file wordpress 2.8.2 Sunda na, ternyata bahasa nu di gunakeun masih basa linggis aeh Basa Inggris. Waduh, kok kieu geuningan. Ahirna simkuring teh buka-buka deui halaman situs Wordpress Sunda teh, ahirna kapendak oge.
Jadi, saparantosna beres ngunggah (nga-upload) file WP 2.8.2 Basa Sunda, urang kudu ngarobah hiji file nu aya di direktori situs atanapi blog wordpress urang. Nu kudu di ropéa (edit) nyaeta file config.php. Download file config.php, [baca terusanna, klik di dieu...]
Ditulis dina poe Salasa, 23 Juni 2009 | ku Kang Iwan | dina kategori: Majalengka
Sataun simkuring teu nulis di ieu blog..hahaha.. enya sataun, da postingan nu terahir teh ternyata ditulis taun 2008. hehehe.. Taun kamari, ayeuna mah tos taun 2009. Nembe weh kamari Kabupaten Majalengka teh ulang taun nu ka-519.
Kaleresan ngawitan sasih Juni 2009, simkirung aeh simkuring, tuh nya, kabawakeun ku kang Ohank euy, nyebat na teh simkirung wae ayeuna mah.hahahaha.. enya, pribados teh tos janten Urang Majalengka, janten urang lembur wae ah, tos bosen panginten jadi urang kota teh, komo di Jakarta, paranas di tambih deui polusi na langkung seueur. Ari di Majalengka mah panas oge ngahiliwir aya angin, janten karaos tariis.hehehe..
Tah, di handap simkuring nga-posting foto-foto alun-alun Majalengka. Tapi ngan ti sahiji sisi wungkul, ti palih payun wungkul nu di pinggir jalan raya tea. Keun lah, manawi ngke mah tiasa ti palih mana-mana.hehehe.. [baca terusanna, klik di dieu...]
Ditulis dina poe Salasa, 23 Désémber 2008 | ku Kang Iwan | dina kategori: Kasundaan, Video
Aya nu kantos ngadangu si Pohang, Ohang atanapi Kang Ohang, ah naon wae lah, nu penting mah nu eta wae, nu huntu aeh waos na ana nu ompongan pokoknamah. Nu benget na jiga kotak amal.hehehe.. Tapi da lucu jeung payu wae, sora na mun nyanyi teh mani geunaheun. Enya, Kang Ohank teh salian sok ngabodor, oge tos ngaluarkeun album, tos lami pisan sih, taun kamari lah. Jadi, Si Kang Pohang teh penyanyi oge. Anu judulna teh bobotoh sajati tea.
Panasaran jiga kumaha bobodoran si Pihang? tah, dihandap ieu contona, sapotong wungkul sih. Bade ningali nu sanes na? Mangga, di youtube (www.youtube.com) tos aya seueur.hehehe..
Nah, mun di handap ieu Kang Pohank nuju sareng Kang Cepot nu di dalangan ku Kang Dadang. Nah, nu mimiti pisan nonton teh nu ieu tea simkuring mah. [baca terusanna, klik di dieu...]