Aya nu tos pernah ngadangu? Wah jigana nu tacan kungsi mireng mah jalmi na teu resep kana lagu Sunda nya? Heheehe.. Teu nanaon lah, biasa da, pamuda-pamudi jaman kiwari mah jarang pisan anu resep kana kasenian kasundaan. Mung sakedik paling oge. Mun simkuring mah, kana basa Sunda anu emang rada sesah, Sunda na sunda kasar saurna teh. Tapi simkuring resep mun ngagunakeun Basa Sunda keur ngobrol sapopoe mun sareng Urang Sunda deui, sanajan nuju di luar kota atawa di luar daerah Sunda.
Nah, uwih deui kana judul di luhur, ternyata Aki Darso teh tos ngaluarkeun deui Album anu enggal, jigana mah sasih Mei diluncurkeuna teh, duka iraha. Nu pasti taun 2008 ayeuna da. Saparantosna Kabogoh jauh tea, sihoreng teh aya deui Album enggal deui, duka naon tah namina, teras ayena teh aya deui Judul na teh Cang Cing Cong. Hehehe.. jiga basa Cina nya? Emang laguna lagu Cina, hehehe.. Henteu ketang, laguna nyaritakeun jalma-jalma anu namina nami China, tapi lucu..hehehe.. Mangga geura, ieu lirik lagu Kang Darso anu judulna Cang Cing Cong tea. Kahade ieu sanes lirik lagu china nya, pami lirik na basa cina mah Simkuring oge moal ngarti.hehehe..
Lirik Lagu Cang Cing Cong
Si Nyangsang tukang seng
Tatangga Si Liang Hong
Boga kabogoh si momoy micipok
Si Cengli kabitaeun hayang ka cipok
Ku cipok di bejakeun ka Si nyangsang [baca terusanna, klik di dieu...]
Wilujeng wayah kieu sadayana..hehehe.. duh, saminggu sakali jigana yeuh posting didieu teh.. Sakantenan ah nulis tentang hasil pemilihan bupati Majalengka anu dilaksanakeun dinten Minggon kamari, kaping 26 Oktober 2008. Kaleresan simkuring salaku urang Majalengka hoyong nginformasikeun ka sadayana anu milarian info hasil pemilihan bupati majalengka. Nah, ieu informasina..
Pasangan Sutrisno-Karna Sobari atau Suka sementara ini memimpin perolehan suara dalam Pilkada Majalengka, dengan mengantongi 30,82 persen suara dari 629.058 surat suara sah. Perolehan suara sampai 30,82 persen ini memastikan pemungutan suara hanya berjalan satu putaran.
-
Berdasarkan data Komisi Pemilihan Umum (KPU) Majalengka, yang disampaikan Nasihin, anggota KPU Majalengka, sampai Minggu (26/10)malam pukul 20.15, pasangan Suka unggul. Pasangan ini memeroleh 193.889 suara, disusul pasangan Abah Encang-M Iqbal (Baiq) dengan mengantongi 16,23 persen atau 102.118 suara sah.
-
Adapun lima pasangan lainnya, pasangan Yunus Sanusi-Dedi Supriadi (Hayu Hade) memeroleh 15,95 persen suara, pasangan Suhardja-Ateng Sutisna (Sahate) memeroleh 15,38 persen, pasangan Tio Indra-Ending Suhendi (Hate) mendapat 9,67 persen, dan pasangan Eman Sulaeman-Fuad Abdul (Mamfu) memeroleh 7,42 persen, dan pasangan yang memeroleh suara terendah Uu Saepudin-Abun Bunyamin hanya 4,5 persen suara. [baca terusanna, klik di dieu...]
Wilujeng tepang ka sadayana anu parantos kersa sumping ka saung anyar ieu. Sok lah, mangga cing merenah nya. Duh, meunikaragok rek nulis nganggo basa Sunda teh, soalna mah kalamian mikir eung, mikirkeun kumaha nganggo kecap-kecap (kata-kata) anu pas tur leres. Daripada kalamian mah, nya tos wae simkuring teh nulisna nganggo elmu SAKA pami saur Untadz Simkuring mah, naon eta teh? Elmu SAKA, SAKAbisa, SAKAnyaho, SAKAkeyeng, jeung SAKA nu sanesna.hehehe..
Ngawitan ku postingan anu munggaran di blog ieu simkuring bade ngabahas “description blog Kang.IwanSusanto.Com” ieu, nyaeta “Urang Sunda lain Si Kabayan“. Nah, saleresna mah kalimah ieu dicandak tina salah sahiji lirik lagu sunda Kang Doel Sumbang anu judulna Urang Sunda. Ngawitan ngadangu lagu ieu teh pas Simkuring nuju di rorompok, na radio sababaraha taun ka pengker, jiga na pas Abdi masih sakola STM kitu nya? Pokokna mah da kapendak kasetna teh pas tos damel di Bandung, meser kaset tip na di Cimahi. Kapungkur mah da pertama ngadangu lagu ieu teh, jadi asa lucu wae lagu nateh. Lucu tapi ngagugah lirikna teh..hehe.. Nah, ieu cobian tingali geura lirikna..
Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha
-
Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa [baca terusanna, klik di dieu...]