Alhamdulillah, simkuring tiasa nulis deui di blog ieu saparantosna simkirung kena ku panyakit males,hehehe.. Mugia ayeuna simkirung tiasa mulai rajin nulis deui, (Amiiin…) utamina mah dina blog basa Sunda ieu sok sanajan ukur ngacapruk wungkul.hahahaha..
Kusabab mulai sasih Agustus kamari simkuring ngalih ka Cirebon kost na, janten sementara mah teu tiasa seueur nulis ngenaan Majalengka. Teu nanaon lah, nu penting mah blog ieu nulisna make basa Sunda weh.
Nah, ayeuna rek nyarita ngenaan lembur kuring ah. Nami na teh Desa Salawana, lebet ka Kecamatan Dawuan, Majalengka. Desa Salawana lokasinya di tungtung kaler tina kecamatan Dawuan mah, perbatasanna sareng 3 kecamatan, perbatasan JatiTujuh (Desa Panongan), Ligung (Desa Cibogor), sareng Jatiwangi (Desa Sumur Tama / Desa Surawangi).
Tapi ayeuna sanes nyarita ngenaan Desa Salawana, ayeuna mah rek nyarita STC atanapi Salawana Touring Club,hehehe.. caritana mah ieu teh club / kumpulan pamuda Salawana nu resep kana momotoran (jalan jalan naek motor). Sanajan can puguh susunan organisasina, tapi da emang sanes organisasi sih. Ieu mah pedah mun libur Lebaran teh barudak hoyongna jalan jalan ngabrul naek motor ka tempat wisata, jadi weh dingaranan Touring Club, meh rada gaya weh..hehehe

Lebaran taun 2009 ayeuna teh mangrupi taun nu katilu (ka-3) STC ngayakeun acara tour. Kaleresan nu ayeuna teh tujuan tour na ka Waduk Darma nu aya di Kabupaten Kuningan tea. Nah, dihandap aya sababaraha potret kegiatan acara touring kamari ka Waduk Darma. Taun ayeuna mah peserta na paling sakedik di antara taun taun sateuacanna, da emang kurang terorganisir sih. Keur mah nu ngayakeun acarana oge sanes nu cicing di lembur, tapi nu keur nyaba di Kota, sapopoe na di panyabaan. Jadi rada sesah koordinasi milarian calon peserta di lemburna. tapi teu nanaon lah, saayana weh heula, nu penting mah tiasa jalan jalan kaluar.











Sakitu wae heula tulisan singket ngenaan kegiatan Salawana Touring Club. InsyaAlloh ngke bade di posting kegiatan touring nu taun taun sateuacanna.



Can aya pairan.