SMPN 1 Dawuan, nu kamari na mah SMPN 2 Dawuan, kusabab aya pemekaran di Kecamatan Dawuan nu jadina Kecamatan Kasokandel nu kiduleun jalan raya Kadipaten – Jatiwangi mah. SMP 1 Dawuan tadina aya di Kasokandel, kusabab Kasokandelna jadi kecamatan anyar, maka gelar SMP 1 Dawuan dialihkeun ka SMP nu aya di Desa Salawana.
Simkuring mulai sakola di SMP ieu keur jaman taun 1998, lulus taun 2001. Harita mah ngaranna keur masih SLTP Negeri 2 Dawuan keneh. Ayeunamah apan SMP, sanes SLTP.hehehe..
Dugi ka kiwari taun 2009, aya sababaraha bapa-bapa / ibu-ibu guru nu kapungkur ngajaran simkuring aya nu masih ngawulang di SMP ieu. Seueur oge nu tos ngalih ka sakola sanes. Pokonamah simkuring ngahaturkeun nuhun pisan nu saageung ageung na ka sadaya Bapa / Ibu Guru nu tos ngajar sehingga Simkuring janten jalmi nu gaduh elmu pangaweruh. Mugia sadaya kasaean Bapa / Ibu Guru kenging balesan nu langkung ageung ti Gusti Alloh Swt.. Amiin.
Keur ka para alumni SMP Salawana, mangga tiasa ningalian website atanapi situs alumni SMP Salawana di www.ikasaa.web.id, atanapi langsung gabung di group IKASSA (Ikatan Keluarga Alumni SMP Salawana) di Facebook, khususna ka sadaya rencang simkuring, atanapi saha wae nu apal ka simkuring mangga add wae na facebook. Urang raketkeun deui tali silaturahmi urang sadayana.
Dihandap aya sababaraha potret / photo wajah SMP N 1 Dawuan dina waktos ayeuna.








Nu gaduh fesbuk (Facebook), mangga di add simkuring nya.. Klik wae photo simkuring nu di luhur tea, nu palih katuhu..



Can aya pairan.