SMS Lebaran Basa Sunda, Wilujeng Boboran Siam ka Sadayana

Ditulis ku Kang Iwan
Dina poe Kemis, 17 Séptémber 2009

Wilujeng wayah kieu sadayana nu mampir ka blog simkuring. Wilujeng saum nyah, kaleresan ayeuna teh nuju sasih saum pan, sasih Ramadhan tea, sakedap deui bade Lebaran, atanapi Boboran saur urang dieu mah.hehehe..

Nah, nu bade kirim-kirim alias kintun-kintun SMS lebaran nganggo Basa Sunda, mangga tiasa nganggo kecap, kalimah ku nyalira. Nu simpel wae, nu sederhana pami teu tiasa mah. Nu penting tujuan urang ihlas, hoyong saling memaafkan, saling ngahampura..hehehe..

Tapi, nu teu aya ide pikeun nulis SMS Idul Fitri nganggo basa Sunda, mangga di handap bieu aya conto nu ku Anjeun tiasa di salin, atanapi di copy ceuk bahasa Linggis mah, aeh Bahasa Inggris maksadna mah.

Bilih aya tutur saur nu teu ka ukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, nu ngaraheutkeun manah, neda di hapunten lahir batin. Wilujeng boboran siam 1430 H.
-
Wilujeng boboran Siam 1 Syawal 1430 H. Neda dihapunten tina samudaya kalepatan. Minal ‘Aidin wal Faizin.
-
Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Mugi katampi ku galih, neda pangapunten kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin.
-
Urang palidkeun kapeurih ka sagala asih, urang lokat kalepatan ku tirta ning rahmat, urang sulam kembang kanyaah ku sutra hampura. wilujeng boboran siam 1430H.

Nah, 3 wae. Da simkuring mung aya 3 wungkul koleksina oge, eta oge nu taun kamari anu 2 na mah. Ukur diganti taun na wungkul..hahahahaha… (UPDATE) tos aya tambihan hiji deui ketang..hhe..

Mangga ah, sakitu wae ti simkuring. Selamat Hari Raya Idul Fitri 1430 H. Taqobbalallahu Minna Wa Minkum, Shiyamana Wa Shiyamakum. Amiin. Minal ‘Aidin wal Faizin. Geuning Bahasa Indonesia nya?? hehehe.. add fesbuk simkuring di http://facebook.iwansusanto.com


Kategori: Kasundaan
Tag: , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , ,


RSS feed | Trackback URI

1 Pairan »

Komén by balisugar
2009-09-19 21:19:44

Punten ah Silaturahmi kanu tebih, Minal Aidin Wal Faizin

Nyuhunkeun dihapunten sagala kalepatan

 
Nami (wajib)
Serélék (required - never shown publicly)
URI
Pairan Anjeun (smaller size | larger size)
You may use <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> in your comment.

Trackback responses to this post

Nu sanes dongkap ka tulisan ieu pikeun milari: bahasa sunda halus, ucapan ramadhan bahasa sunda, wilujeng nikah, sms ucapan pernikahan, sms ramadhan bahasa sunda, ucapan selamat puasa bahasa sunda, ucapan selamat menikah dalam bahasa inggris, ucapan pernikahan bahasa sunda, ucapan lebaran bahasa sunda, ucapan bahasa sunda, ucapan selamat ramadhan bahasa sunda, sms ramadhan sunda, ucapan selamat pernikahan dalam bahasa indonesia, ucapan ramadhan sunda, ucapan pernikahan sunda, sms sunda bodor, wilujeng boboran siam, SMS SUNDA, ucapan dalam bahasa sunda, sms ucapan belasungkawa bahasa sunda, bahasa sunda\ ucapan ramadan, ucap lebaran boso jowo, ucapan basa sunda, ucapan idul fitri sunda buhun, ucapan idul fitri ngeres sunda

Facebook Kang Iwan