Ah, ieu mah rek posting foto wungkul. Kabeneran simkuring ngaliwat ka payuneun GGM wayah jam satengah 4 sore, sihoreng teh acara rek dimulai. Nya nggeus simkuring teh eureun heula, foto kaditu kadieu..hehehe.. keur resep fofotoan eung, keur di ajar motret. Aranna oge di ajar, samentara mah nganggo kamera na handphone weh. Da kahoyong meser kamera SLR (atanapi naon namina) teu acan aya modal na, manawi tos pinter motret mah ngke oge tiasa kapeser, nya!! InsyaAlloh.. Amiin..
Acara ieu teh acara nu disponsoran ku LA Light. Kaleresan Majalengka janten kota nu ka-4 (mun teu lepat mah) tina 8 kota di Jawa Barat nu didongkapan ku LA keur milari group band indie dina taun ieu. Punten ah bilih lepat, da ngan ngadenge saliwat wungkul. Nah, acara na dimulai sekitar jam 4 sonten dugi ka tabuh 11 wengi.. (halah, aya “jam”, aya “tabuh”. kumaha ieu teh bahasa.hehehe..) kitu pokoknamah lah, da cenah aya 11 band nu rek tampil. 9 finalis, nu 3 na bentang tamu. aeh, 12 meureun nya?hehehe.. enya, aya 12 band ketang.hehehe..






Grup band Uviolet (mun teu salah nulis), band nu tampil munggaran.


Tah, kitu wae ah. Ngarah ngararame eusi blog ieu wae ieu mah..hehehe.. Hatur nuhun ah..



Can aya pairan.