Moal seueur nyarita, da simkuring oge teu tiasa seueur nyarita. Mung ayeuna mah simkirung bade nga-posting photo-photo Bunderan Munjul, atanapi lengkapna mah Taman Bunderan Munjul. Tah eta ngaran nu aslina, saperti anu dituliskeun dina batu peresmian nu ditandatangan ku Bupati Majalengka ayeuna, Bapa H. Sutrisno.

Katingali dina foto diluhur, Taman Bunderan Munjul teh diresmikeun kaping 30 Desember 2009. Di tengah taman bunderanna, aya patung lauk cai, lauk naon nya? Ari ceuk beja mah ti salah saurang sumber, katingali na mah jiga lauk Patin cenah, anu panjang kaluhur. Aya lauk Bawal Rawa, Lauk emas, sareng duka lauk naon tah nu di handapna, anu aya 3 lauk.
Mun wayah pasosore, saharepna lah, cai mancur na mulai di hirupkeun. Jadi, mun siang mah si cai teh hnteu di puncratkeun..
Basa simkuring ngaliwat wayah maghrib, harita mah aya budak mandi di dinya nateh. Trus kamari mah, rame oge nu daragang, jeung oge pengunjungna mani pinuh. Nu naek mobil pribadi jeung naek motor.





Pokoknamah, cobaan wae jalan-jalan kadinya tos maghrib, ulah pas magrib, da batur mah keur wayahna sholat.hehehe.. Mangga, anu apal kana keterangan lengkap Taman Bunderan Munjul – Majalengka, tiasa ngeusi pairan atanapi komentar di handap. Hatur nuhun…

Postingan nu bade dongkap insyaAlloh, Lirik Lagu Majalengka Mapag Bagja



Wah sae kang gambarna..
Hatur nuhun.. teu pira tinu handphone da..hehehe..
Aluuussss kang, anu dina peting teu aya kang .. eta teh lewih aluusss kang,She g t bunderan HI jkt eeuuuyy..
enya atuh deuh, ngke rek nyobaan ngaliwat wayah peuting..hehehe.. hatur nuhun Kang..