Tampilan Anyar, Tema Majalengka

Ditulis ku Kang Iwan
Dina poe Senén, 25 Januari 2010

Wajah baru, wajah baru, ceuk Basa Indonesia na mah..hehehe.. Alhamdulillah, tema anyar keur blog Kang Iwan parantos beres di jieun, sakumaha nu katingali ku pamiarsa sadaya, tema nu anyar ayeuna nyaeta di namian Majalengka.hehehe.. ieu mah pedah gambar header (hulu) na weh gambar alun-alun Majalengka jeung Masjid Agung Majalengka. Jadi tema wordpress ieu kusimkuring di ngaranan Majalengka. :-) Jeung hiji deui, blog basa sunda ieu masih didukung atawa ngagunakeun mesin WordPress Basa Sunda, tiasa di download di http://su.wordpress.org.

Nah, dihandap ieu tampilan blog Kang Iwan basa ngagunakan tema nu heubeul, jieunan jalma sejen.

tema wordpress blog kang iwan dulu

Sapertos nu katingali ayeuna, tampilan blog ieu tos rubah, ngagunakeun tema anyar jieunan Kang Iwan sorangan. Bari diajar weh ieu mah..

tema wordpress Majalengka + biru

Nah, ngarubah tema wordpress dina sadaya blog/situs nu diurus ku simkuring nyaeta salah sahiji target atanapi gampilna mah ide nu muncul di taun 2010 ieu. Sababaraha blog memang tos di rubah nganggo tema wordpress jieunan dewek. Terutamana blog-blog anu ngagunakeun mesin WordPress. Saperti blog simkuring nu Bahasa Indonesia (IwanSusanto.com) parantos di rubah oge.

Dina tema wordpress Majalengka ieu, simkuring ngagunakeun background body warna biru. Link-link na oge warna biru. Ieu mah pedah simkuring resep kana warna biru ti baheula na teh..hehehe.. Dari pada lieur neangan warna nu cocok, nya geus weh ngagunakeun warna nudipikaresep.. betul tidak? :-)

Sabenerna mah aya hiji nu katinggaleun dina tema ieu, nu jadi ciri Majalengka, naon cik?? nyaeta bunderan Munjul nu patung lauk tea.heuheuyyy….. Kabeneran ti kamari simkuring can sempet wae rek motret teh, mun pas ngaliwat ka dinya da sok pas keur hujan.. Jadi sampe ayeuna weh can menang hiji oge..hehehe.. Rencana na mun tos aya potret Bunderan Munjul nu pas posisina, InsyaAlloh rek di gunakeun keur background tulisan ieu, jadi postingan / tulisan ieu backgroundna moal bodas, tapi gambar / potret Bunderan Munjul, Majalengka.. setuju tidak??

Mangga ah.. sakitu heula bewara ti simkuring.. Hatur nuhun kasadayana..


Kategori: Ti Simkuring
Tag: , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , , ,

Tulisan lainna nu masih aya patalina:

Can aya postingan nu boga patalian!

RSS feed | Trackback URI

Pairan »

Can aya pairan.

Nami (wajib)
Serélék (required - never shown publicly)
URI
Pairan Anjeun (smaller size | larger size)
You may use <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> in your comment.

Trackback responses to this post

Nu sanes dongkap ka tulisan ieu pikeun milari: download lagu sunda baru, Mp3 pop sunda, situs lagu sunda, lagu sunda terbaru, lagu sunda terbaru 2010, mp3 lagu pop sunda, lagu sunda baru, lagu lagu sunda terbaru, album lagu terbaru pop sunda, download daftar lagu pop sunda terbaru, pop sunda mp3, mp3 terbaru lagu sunda, daftar lagu sunda baru, situs download lagu lagu sunda, lagu terbaru pop sunda, lagu sunda terbaru mp3, download lagu lagu sunda pop, download lagu pop sunda 2010, download lagu sunda pohang, lagu sunda 2010, Download lagu-lagu terbaru-pop sunda, download mp3 lagu pop sunda, download mp3 lagu pop sunda terbaru, download mp3 lagu sunda, download mp3 pop sunda, download lagu sunda pop, lagu pop sunda terbaru 2010

Facebook Kang Iwan