Alhamdulillah…. ahirna, datang mangsana pikeun ujian atanapi tes calon pegawai negeri sipil (CPNS) di Kabupaten Majalengka sasih Nopember 2009. Kaleresan rencang simkuring mah tos kenging Kartu Tanda Peserta Ujian CPNS, kumaha sareng aranjeun, tos kenging?
Nah, nu tos kenging mah kantun siap-siap wae atuh. Kusabab sakumaha nu dituliskeun dina kartu tanda peserta ujian CPNS Majalengka yen ujianna teh dilaksanakeun dina dinten Minggu, kaping 22 Nopember 2009. Kaleresan tempatna mah dibagi atanapi disebar di sababaraha sakola nu aya di sakuriling kota Majalengka. Rencang simkirung mah kenging di SMAN 2 Majalengka.

Ka anu teu acan kenging kartu peserta ujian, nya sing sabar wae, mugia taun payun aya deui penerimaan CPNS di Majalengka. Tur langkung seueur pormasina.



manawi ari pengumuman na iraha nya kang??
Mugia bae sing tiasa lolos .. salam kenal kang..