Unduh MP3 Majalengka Mapag Bagja – Album Pop Sunda Majalengka

Ditulis ku Kang Iwan
Dina poe Senén, 7 Désémber 2009

Alhamdulillah simkuring ngumumkeun yen Album Pop Sunda Majalengka teh nu dicaritakeun kamari tea ayeuna geus mulai disebarkeun. Sok sanajan karek sababaraha wae, soalna keur tahap kahiji, Album Lagu Pop Sunda Majalengka karek disebar ka Sakola SMP jeung SMA nu aya di Kabupaten Majalengka anu mulai dibagikeun dinten ayeuna, ping 7 Desember 2009.

Majalengka Mapag Bagja - Album Pop Sunda Majalengka

Coverna ganti deui euy…hehehe..

Tahap kadua InsyaAlloh kaping 21-an, bade disebar deui ka sakola SD jeung instansi pamarentahan sa-Kabupaten Majalengka. Nah, keur tahap kadua mah masih teu acan di jieun CD/DVD na, soalna kudu nyiapkeun nu rada seueur. Nya sakalian keur icaleun ka masyarakat umum jigana. Nya mudah-mudahan Album Pop Sunda ieu tiasa ditampi ku masyarakat urang Sunda, khususna ku urang Majalengka na keneh.

Rengsena Album ieu pastina teu aya sanes atas dukungan ti Pamarentah Kabupaten Majalengka, Bapa Bupati sareng Wakilna, Ketua DPR Majalengka, sareng dinas-dinas nu kakait kana kacumponanna Album ieu.

Oiya, didieu anjeun sadaya tiasa ngunduh atanapi download MP3-na lagu Majalengka Mapag bagja nu janten judul utama dina Album Pop SUnda Majalengka tea. ALhamdulillah tos kenging izin ti pihak pelaksana, tapi MP3 na wungkul. InsyaAlloh videona mah nyusul. Mudah2an tos tiasa / diizinan di upload di youtube akhir Desember ieu.

Album Pop Sunda Majalengka ieu diproduksi ku Bidang Kebudayaan Dinas Pendidikan Kebudayaan Pemuda dan Olahraga Kabupaten Majalengka. Pelaksana na nyaeta CV. ALTAR Majalengka anu disarengan ku Forum Seniman/wati Majalengka atanapi FSM.

Di handap aya sababara nami nu tos BERJUANG ngawujudkeun terciptana lagu-lagu pop Sunda Majalengka, sok geura urang sebutan hiji hiji..hehehe

Nu nyipta lagu: Teddy Koes, Abah Ajat, Samsuri
Nu Nyieun Musik: Teddy Koes
Nu ngalokan: Dude, Cangkeng, Iyas
Nu Noel Kendang: Dedi Bontot, Kendar
Nu niup suling: Oya
Nu Ngeset rebab: Oya
Nu Noel Gitar: Asep Rawing
Nu ngorek komputer: Asep Ro’i
Nu ngurus kabel: Otoy, Miki
Nu ngurus kostum: Teh titin Salon
Nu ngurus konsumsi: Teh Ari, Teh Euis
Nu jadi model: Kiki, Rizal, Neng Giani, Neng Indri, Johan, Nia, Siswa SMAN 1 Majalengka, Siswa SMAN Jatitujuh, Otoy, Linbab, Abah Ajat
Nu nyokot gambar: Eka -VIRTUAL Video Production-, Agus Agev, Feri -FF Studio-, Adit -BLACK Studio-.
Nu ngurus kamera: Anda, Ence, Ohang, Bo’ik
Nu beberes: Gewor, Dedi
Nu molah gambar: Eka VIRTUAL
Audio Studio: Studio INTANplus
Video Studio: VIRTUAL Video Production

Tah sakitu anu kapihatur. Mugia ku ayana Album Pop Sunda Majalengka sing tiasa ngenalkeun Kabupaten Majalengka intina mah. Yen di Majalengka oge gaduh kabudayaan daerah sareung seueur tempat-tempat anu endah keur rekreasi.hehehe..

Mangga, nu bade ngadangukeun tembang na, tiasa di unduh / download nganggo link di handap.

1. MP3 Majalengka Mapag Bagja (Teh Rekha Dewi A.), Klik di dieu pikeun ngunduh.
2. MP3 Bendungan Rentang (Kang Jojo Karjo disingkat JK, hehehe), klik di dieu pikeun ngunduh.

Samentawis 2 tembang wae heula nya, ngke nguntut nu sanesna mah. Nu hoyong nambih mangga ADD heula facebook simkuring, terus kirim pesan (message) nuhunkeun mp3 lagu pop sunda MJL. Terus traktir jajan baso di Majalengka..hahahaha.. ( Hatur nuhun ka Kang Eka -Virtual Video Production- kanggo DVD Album Pop Sunda MJL-na..  ;-)   )


FBTW DGRDSUDLBLTCGOMSMX


RSS feed | Trackback URI

3 Pairan »

Eusi Pairan ku EK VIRTUAL
2009-12-09 12:05:25

cocok ach…. mari kita sukseskan urang sunda Hidup PERSIB….

 
Eusi Pairan ku Ian
2010-01-13 21:24:51

kumaha yeuh? tos di upload can?

Eusi Pairan ku Kang Iwan
2010-01-13 23:10:31

Hoyong nu mana, Kang? nembe lima sih..hehehe.. koneksi inet na nuju loyo yeuh..hehehe.. Hatur nuhun tos sumping kadieu..

 
 
Ngaran (wajib)
Surat-é (required - never shown publicly)
URI
Pairan Anjeun (smaller size | larger size)
You may use <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> in your comment.

Trackback responses to this post

Nu sanes dongkap ka tulisan ieu pikeun milari: pop sunda mp3, mp3 pop sunda, download mp3 pop sunda, pop sunda, mp3 sunda, download mp3 pop sunda 2009, free download mp3 pop sunda, majalengka mapag bagja, pop sunda doel sumbang, download lagu pop sunda, download mp3 sundaan, album pop sunda, mp3 sunda terbaru, lagu pop sunda doel sumbang mp3, download mp3 lagu pop sunda, download pop sunda, lagu pop sunda terbaru, download lagu sunda gratis, free download mp3 pop sunda terbaru, download lagu pop sunda gratis, mp3 doel sumbang, lagu pop sunda doel sumbang, pop sunda mp3 download, download mp3 pop sunda terbaru, download gratis mp3 pop sunda, downloud pop sunda, download mp3 lagu sunda terbaru, free download mp3 lagu sunda, ngunduh lagu sunda, tembang sunda mp3 download, pop sunda mp3 free download, FREE DOWNLOAD lagu pop sunda terbaru, mp3 sundaan, pop sunda 2010, sunda download, donwlod mp3 SUNDA, download album doel sumbang, download mp3 sunda, lirik lagu pop sunda, majalengka, download lagu pop sunda terbaru, download lagu sunda majalengka, free download mp3 sunda terbaru, Mapag Majalengka, pop sunda download, MP 3 SUNDA POP, mp3 pop sunda doel sumbang youtube

Facebook Kang Iwan