Sanajan HUT Majalengka nu ka-519 tos lami kalangkung, tapi teu nanaon lah mun simkuring nulis atawa posting video konser UTOPIA anu di Alun alun Majalengka. hehehe… Kabeneran harita mah simkuring masih kost di jalan kehutanan, jadi nonton konser ka alun alun Majalengka teh kantun ngalengkah wae.
Ieu mah iseng iseng wae nulis tulisan ieu mah, da teu pira video na oge menang ngarekam tinu handphone, sanes tinu handycam.hehehe.. Tapi teu nanaon lah, keur kenang kenang jeung bukti wae yen simkuring oge nonton konser na.hahaha..
Sateuacanna UTOPIA kaluar, biasana aya penampilan awal heula ti group band pembuka, kabeneran nu kapilih tampil tina hasil audisi teh nyaeta band ti Talaga, duka tah ngaran band na naon, asa teu jelas kuring mirengkeunna da.hahaha.. Ieu geura salah sahiji lagu nu dinyanyikeun ku band pembuka anu ti Talaga. Aya oge band Rename -mun teu lepat mah- anu jadi bentang tamu, han simkirung teu sempet ngarekam videona.
Nah, dihandap video nu band Utopia tea, moal jelas da gambar na ge, tapi lumayan aya soraan da. hehehe..
Aya 3 sabenerna mah, cuma nu hijina deui kamari gagal wae ku kuring di unggah / upload ka fesbuk teh. Oiya, add simkuring di Facebook atuh pami salira tos gaduh mah.hehehe.. www.Facebook.IwanSusanto.com



Can aya pairan.